Kénging : Tanu Sukma
Kuningan, MI.com — Pangalaman para mitra dina minggu ieu kawilang pikaseurieun jeung bisa jadi bahan pieunteungeun hirup. Duka naon maknana jeung hikmahna mah ?
Hiji waktu kuring kuriling nu kasebut Saba Desa téa. Réngsé silaturahmi ka Kuwu Cileuleuy Kacamatan Cigugur, nénéhna Bapa Sadar, kuring neruskeun lalakon ka bengkel motor Suganda di payuneun SDN 1 Windujanten Kacamatan Kadugede. Seja badé nyérvice (Ngahadean) Motor Yamaha Vixion dumeh roda tukang asa rada ojlé.
Nalika nyervis motor kuring pendak sareng rerencangan kapungkur, Pa Masduki, pangsiunan Kapala UPTD Dinas Koperasi dan UKM Kacamatan Cibeureum, anu linggihna di Blok Sawah Dusun Kliwon Desa Windujanten.
Pa Duki ngajak mampir ka bumina, ku abdi disanggupan. Tapi geuning lebet gang na jiga tebih, padahal bumi na caket ti béngkél téa. Kuring nyusul ka bumina pa Duki. Tapi geuning jalan ka gang na teh sadaya katutup.
Kapaksa naros ka wargi anu saurna namina Nono, nu aya di lebet bumina. “Punten, bade tomaros upami gang ka bumi pak Masduki, anu pangsiunan ti Pemda ka palih mana?”
Baca juga :
- Update Bencana Angin Kencang di Kecamatan Ciawigebang: 67 Rumah dan Bangunan Rusak
- Suyudi Ario Seto Resmi jabat Kepala BNN Gantikan Marthinus Hukom
- Dr Wahyu Hidayah jabat Pj Sekda Kuningan Gantikan Beni Prihayatno
Diluar dugaan, éta jelma téh lain némbalan malah nyarékan lak-lak dasar. “Anda dari mana masuk pekarangan orang tanpa izin.” ceuk éta jelma teh.
Dijawab ku kuring, punten abdi bade naros upami jalan ka bumi pa Masduki ka palih mana? Ari tembalna deui teh. “Anda punya sopan santun enggak, masuk pekarangan orang tanpa izin.”
“Punten abdi mah badé naros bumi, upami bumi pak Masduki ngalangkungna kapalih man? Sanes lebet badé ka pakarangan bapa.” jawab kuring téh.
Ari pokna, “Bapak kan sudah tua kalau masuk pekarangan orang, harus minta izin.” Kuring menta hampura bisi nanya ka jelma, malah salah sangka.
Sanggeus menta hampura. Tungtungna kuring ngeleos néangan sorangan éta bumi teh, da ngobrol jeung jelma teu puguh mah asa matak rieut. Alhamdulillah bumi pa Duki kapendak.
Pangalaman eta dicaritakeun ka Pa Duki sareng ka Pak Anda Suganda anu gaduh bengkel téa. Saur pa Anda, éta memang dulur kuring, tapi jelmana songong, alias teu boga sopan santun, teu boga tata krama, nu matak sering digebugan ku batur.
Enjingna, dinten Salasa kuring Saba Desa deui, tujuanna meto ka Desa Tundagan Kacamata Hantara ngaliwatan Desa Cibinuang Kacamatan Kuningan, jeung terus ka Desa Nangka Kacamatan Kadugede. Apan tiasa brasna ka Desa Ciketak, teras ka Desa Sindangjawa, Desa Marga Bakti, terus deui ka Desa Bunigeulis, Kacamatan Hantara.
Ngan éta karék ge réngsé mudun ti Desa Cibinuang, terus nanjak. Manggih datar badé nanjak deui, ari beretek téh diudag-udag ku anjing jigana bogana Peternak Hayam. Kuring nambah gancang lumpat motor, tapi hampir nyungsep kana gawir da diuber anjing téa bari ngagogok. Najan teu kungsi kagégél ogé ku éta anjing.
Di jalan bari ngalamun, asa ku apes, kamari bade naros alamat bumi pak Masduki di Windujanten, malah dicarekan jelma. Na ari ayeuna dalah dicarekan alias digogog ku anjing. Nasib meni apes.
Cag sakieu heula.